Scroll keatas untuk baca artikel
Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Sunda Samoja

×

Lirik Lagu Sunda Samoja

Sebarkan artikel ini

SAMOJA

Cipt. Mang Koko

Kedalna asih na bulan pinuh mamanis

Hiji jangji pasini na rasmining wanci

Mangsa samoja jongjon kembangan

Duh eulis, langit lénglang

Angin rintih dina ati, aduh

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung

Aya jangji pasini nu henteu ngajadi

Mangsa samoja geus ngarangrangan

Duh ieung, langit angkeub

Samagaha dina haté, duh

Ayeuna kantun waasna, jungjunan

Lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan

Lamari nu pamit, kamari nu pamit

Datang deui na kalangkang

Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan

Lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan

Kamari nu leungit, kamari nu leungit

Rék lebeng mo deui datang