Scroll keatas untuk baca artikel
Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Sunda Anjeun

×

Lirik Lagu Sunda Anjeun

Sebarkan artikel ini

ANJEUN

Cipt. Nano S.

Teu aya deui, nu mikacinta iwal anjeun

Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun

Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun

Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun

Duh aduh aduh aduh

Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun

Duh aduh aduh aduh

Hate reugreug aya sagigireun anjeun

Ngan saeutik hanjakalna

Lamun tepang osok ngajak rurusuhan

Dasar kudu kanyahoan

Horeng anjeun geus rimbitan

Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun

Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun

Inggis beunang ku batur

Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

Unggal peuting babacaan

Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun

Baca Juga :  Lirik Lagu Sunda Potret Manehna

Duh aduh aduh aduh

Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun

Duh aduh aduh aduh

Hayang deukeut, hayang geugeut…Ngan jeung anjeun

Dasar kudu kanyahoan

Ngirim surat salah ngasupkeun eusina

Gurat sial jeung cilaka

Putus ka ditu ka dieu