Scroll keatas untuk baca artikel
Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Sunda Mending Ngelehan – Kustian

×

Lirik Lagu Sunda Mending Ngelehan – Kustian

Sebarkan artikel ini

MENDING NGELEHAN – KUSTIAN

Cipt. Yaya Suharya

Kahayang mah kuring ge kawas nu lian

Jadi budak nu wanian jeung henteu eraan

Kahayang mah kuring ge kawas nu lain

Dipikagimir ku barudak batur ulin

Eta kabeh saukur euceuk kahayang

Pamohalan bisa jadi kanyataan

Sabab kuring norojol tinu teu boga

Lieuk eweuh ragap taya

Hirup seubeuh ku panghina

Tambah tambah ema jeung bapa

Henteu weleh mapatahan

Pajar teh mending ngelehan

Batan jadi kagorengan

Tapi ulah salah paham

Ngelehan lain elehan

Ngelehan henteu ngalawan

Buahna kasalametan

Kadar batur ngagalakan

Kadar batur ngaharakan

Henteu kudu jadi soal

Urang tetep masing sabar

Dipelitan dilicikan

Teu kudu jadi pikiran

Baca Juga :  Lirik Lagu Sunda Marake HP - Kustian

Urang tetep kuat iman

Gusti Alloh Maha Ningal