Scroll keatas untuk baca artikel
Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Desa Jadi Kota – Kustian

×

Lirik Lagu Desa Jadi Kota – Kustian

Sebarkan artikel ini

DESA JADI KOTA – KUSTIAN

Cipt. Irawan Tea

Tah didinya baheula mah saur ema saur bapa
Aya lembur singkur aya kebon sawah
Susukan na herang tempat urang kokojayan
Arulin jeung babaturan

Tuh diditu baheula mah saur ema saur bapa
Gunung leuweung hejo matak nineung waas
Rea sasatoan tempat paniisan urang
Arulin jeung babaturan

Ayeuna mah beda jeung baheula
Rupa desa geus robah ngajadi kota

Na kamana kebon sawah
Nu ngeplak mapaes endah
Na kamana cisusukan
Nu herang cai ngagenclang

Na kamana gunung leuweung
Nusubur ku tatangkalan
Jeung kamana sasatoan
Nu reang teu patembalan

Na kamanaaa
Kiwari tinggal carita