Scroll keatas untuk baca artikel
Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Sunda Ngalamun

×

Lirik Lagu Sunda Ngalamun

Sebarkan artikel ini

NGALAMUN

Cipt. Amir Hamid

Waktu peuting pareng caang bulan

Abdi anteng ngumbarkeun lamunan

Ngantosan nu lawas henteu mulang

Ka panutan nu di medan juang

Duh engkang panutan nu sajati

Naha engkang tos hilap ka abdi

Siang wengi abdi nganti-nganti

Na iraha pasini ngajadi

Teu kendat-kendat abdi mumuntang

Ka Pangeran anu murbeng alam

Supados kenging panangtayungan

Mugi engkang aya kaunggulan

Mun pareng urang patepang deui

Kumpul ngariung sakadang wargi

Kacida bungahna hate abdi

Muji syukur ka Ilahi Robbi