Scroll keatas untuk baca artikel
Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Sunda Kudu Kasaha

×

Lirik Lagu Sunda Kudu Kasaha

Sebarkan artikel ini

KUDU KASAHA

Cipt. Mang Koko

Kudu kasaha urang ngumaha

Na ka indung duh na ka bapa

Kudu kasaha urang balaka

Pikeun nepikeun geuning duka carita

Kudu kasaha urang nyalindung

Ka papayung nyalindung na ka pangagung

Kudu kasaha urang nyaluuh

Neda dijait geuning tina bangbaluh

Duh ieung tunggara teu euih-euih

Lah teu weleh nandangan peurih

Diteangan saha nu haat nulungan

Dipaluruh dimana geusan balabuh

Kudu kasaha urang ngageri

Iwal diri duh tahan uji

Kudu kasaha urang nya muntang

Jalan utama geuning iman ka gusti