KEMBANG TANJUNG PANINEUNGAN
Cipt. Mang Koko
Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
Di pakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran
Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung mager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun, dipulangkeun
Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik ieung balilihan
Ras ka hidep ieung na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing
Harita waktu layon geus digotong
Ema inget ieung kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan
Anaking jimat awaking
Lamun Ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna teh ku hariring
Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung eh …
Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang, panineungan