DIKANTUN TUGAS
Cipt. Iyar Wiarsih
Calik dina bangbarung
Anteng ngahurun barung
Nyawang anu ngalangkung
Sedih manah na nguyung
Emut ka sang panutan
ngantun mang bulan bulan
Lami taya nyeratan
Wartos di medan perang
Nanging nu geulis sabar
Sarta manah na sabar
Pasrah ikhlas tur rela
Jujur sarta satia
Nyanggem lebet manahna
Aduh Engkang iraha
Tepang sakulawarga
Mulih ti medan laga
Abdi nu ngantos ngantos
Mugi paparin wartos
Namung abdi tos pasti
Engkang lanang sajati
Najan urang tos pasti
Langgeng teuteup miasih
Batin teuteup pacakeut
Sareng nu dipimeumeut