Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Mojang Geulis – Darso

×

Lirik Lagu Mojang Geulis – Darso

Sebarkan artikel ini

MOJANG GEULIS – DARSO

Dina hate kuring anjeun cicing

Dina hate anjeun kuring cicing

Beuneur-beuneur henteu bisa ngejat

Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang

Pating kuriling dina lawang

Pating kaletrok kana panto hate

Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian kurupa

Duriat teu bisa dihilian kuharta

Duriat teu bisa diaya-aya

Duriat datangna henteu kapaksa

Dibeubeutkeun dina hate didituna

Diguratkeun dina rasa didituna

Dibuka dibaca kuurang duaan

Dijaga diriksa pinuh rasa kaheman