Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Kanjut Kundang – Darso

×

Lirik Lagu Kanjut Kundang – Darso

Sebarkan artikel ini
KANJUT KUNDANG – DARSO


Gudar gedor beurang peuting

Banting tulang neangan duit

Ngala kakap meunangna teri

Hasil minus tekor wae


Hayang geura ka bale nyungcung

Bibiritik eutik-eutik

Boro-boro duit ngumpul

Nu aya beak ku mahugi


Anu dikeupeul kacokot-kacokot

Anu dikantong kabetot-kabetot

Anu disimpen kaceot-kaceot

Kanjut kundang ludes kaporot


Hayang geura beunghar

Ka dukun jeung paranormal

Boro-boro hasil

Kuring nutug tigejebur


Hayang meunang parawan

Randa ge nyararingkir

Hayang ka nu bahenol

Nu peot ge mararikir


Kahayang saluhur langit

Ari hirup morat-marit

Kuring kapepet

Nu nyampak diembat