Uncategorized

Lirik Lagu Sunda Peurih

×

Lirik Lagu Sunda Peurih

Sebarkan artikel ini

PEURIH

Najan nepi ka iraha

Kawasna mah moal sirna

Dina hate aya sesa

Tapak cidra nu kacida

Moal leungit moal luntur

Moal poho salilana

Najan langit arek runtuh

Kanyeuri taya ubarna

Masih keneh kabayang

Waktu anjen ngajak pisah

Geus teu beunang dielingan

Diri ngan ukur sumerah

Keclakna cipanon murag

Jeung goakna ceurik budak

Didinya ragragna talak

Cacapna pegat duriat

Peurih hate asa digerihan

Nyeri asa diturihan

Asa kacida pisan

Kabina-bina

Peurih nyeri nu taya duanna

Susah pisan mopohokeunana

Kawasna moal aya

Piubareunana

Moal leungit moal luntur

Moal poho salilana

Najan langit arek runtuh

Kanyeuri taya ubarna

Masih keneh kabayang

Waktu anjen ngajak pisah

Baca Juga :  Lirik Lagu Bulan Nyeungseurikeun - Darso

Geus teu beunang dielingan

Diri ngan ukur sumerah

Keclakna cipanon murag

Jeung goakna ceurik budak

Didinya ragragna talak

Cacapna pegat duriat

Peurih hate asa digerihan

Nyeri asa diturihan

Asa kacida pisan

Kabina-bina

Peurih nyeri nu taya duanna

Susah pisan mopohokeunana

Kawasna moal aya

Piubareunana

Peurih hate asa digerihan

Nyeri asa diturihan

Asa kacida pisan

Kabina-bina

Peurih nyeri nu taya duanna

Susah pisan mopohokeunana

Kawasna moal aya

Piubareunana.