Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Bulan Di Cangkuang – Darso

×

Lirik Lagu Bulan Di Cangkuang – Darso

Sebarkan artikel ini

BULAN DI CANGKUANG – DARSO

Iraha

Urang rek kaeas waktu ka tukang

Mapay-mapay ria kabagja

Rarakitan di situ cangkuang

Caang bulan

Katutup mega milu nyaksian

Dua rasa nu meungkeut ka heman

Moal bade pipisahan

Tangkal camara marindingan

Angin peuting ngaleprokkan

Dunya asa anu urang duaan

Naha ayena bet pipisahan

Caang bulan di situ cangkuang

Kiwari teu weleh narembongan

Carita endah urang duaan

Omat di ukir tina lamunan

Caang bulan di situ cangkuang

Dina rasa teu weleh ngalangkang

Najan urang pipisahan

Hate mah silih anjangan