KA BULAN
Cipt. Yin S
Mun pareng nincak ka bulan
Hayang mawa nini aki jeung baraya
Moal rea barang bawa
Nu di bawa ngan samping jeung kabaya
Hayu batur sararea
Di bulan engke urang nyieun nagara
Bisi urang rumah tangga
Boga budak tong loba siga di dunya . . .
Bulan mah ceuk beja beda jeung dunya . . .
Hese cai ngan ukur batu nu jadi sagara . . .
Mun rek mandi ngahaja kumpul baraya . . .
Ceurik bareng bari nandean sabatok cimata
Mun pareng nincak ka bulan
Hayang ngaronjatkeun budaya sunda
Ketuk tilu jaipongan moal leungit
Sanajan pindah ka bulan
Mun pareng nincak ka bulan
Hayang mawa nini aki jeung baraya
Moal rea bari barang bawa
Nu di bawa ngan samping jeung kabaya
Hayu batur sararea
Di bulan engke urang nyieun nagara
Bisi urang rumah tangga
Boga budak tong rea siga di dunya
Bulan mah ceuk beja beda jeung dunya
Hese cai ngan ukur batu nu jadi sagara
Mun rek man di ngahaja kumpul baraya
Ceurik bareng bari nandean sabatok cimata
Mun pareng nincak ka bulan
Hayang ngaronjatkeun budaya sunda
Ketuk tilu jaipongan moal leungit
Sanajan pindah ka bulan
Ka bulan urang ka bulan
Ka bulan urang ka bulan
Ka bulan urang ka bulan