Iklan
Uncategorized

Lirik Lagu Sunda Kembang Impian

×

Lirik Lagu Sunda Kembang Impian

Sebarkan artikel ini

KEMBANG IMPIAN

Cipt. Mang Koko

Antara lolongkrang kiceup

Urang pateuteup

Bulan pias

Enteupna lalangsé kayas

Kaca jandéla nu muka

Kaca katresna nu muka

Peuting téh teuing ku jempling

Asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero

Teu katepi ku sora panggero

Urang teuleuman ku geter deudeuh duaan

Urang tataran ku karep jeung pangharepan

Tong teuing ngedalkeun lisan

Urang guneman

Na ciptaan

Bagja deukeut patémbongan

Geter ti ati ka ati

Hiber jadina pasini

Saranggeuy kembang impian

Sungkemeun kana lahunan