HARIRING KURING
Teungah peuting
Keur jemplang jempling
Kuring nyaring
Teu geunah cicing
Hate melang sumoreang
Buah ati lawas teu patepang
Cuang ciung
Kuring sorangan
Nunggelis di pangumbara
Lieuk deungeun lieuk lain
Taya pisan geusan pamuntangan
Rek sasambat kasahanya-nyambat
Suwung dulur walurat sobat
Sangsang badan nya nitipkeun diri
Iwal ka gusti yang widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pang nepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Kawih ati nu keur rungsing pusing