Example 325x300
Uncategorized

Lirik Lagu Sakur Ngimpi – Darso

×

Lirik Lagu Sakur Ngimpi – Darso

Sebarkan artikel ini

SAKUR NGIMPI – DARSO

Cipt. Dose Hidaya

Saprak anjeun
ngaleos

Ngabeubeutkeun
duriat

Nirup asa
nunggelis 

Hate mararingis

Saprak anjeun
ninggalkeun

Ngararajet cinta
urang

Pikiran baluweng 

Pinuh ku emutan

Sagala rasa
kabawa anjeun

Saparo rasa ngilu
ka anjeun

Nikmatna hirup
leungit teu nyesa

Teuing kamana

**

Letah teu mirasa
sagala karasa pait

Sare gulang
guling hese peureum

Kahayang mah 

Ieu
teh sakur ngimpi

Anu ngageuingkeun
urang

Tina kasombongan
diri

Kahayang mah 

Waktu teh ngulang deui

Sabulan anu katukang

Basa silih
keukeupan

Ngahelas
kaleungitan

Ngorejat
seseblakan

Lieuk euweuh
lieuk euweuh

Ngagugulung
lamunan

Ngarep-ngarep
sakur ngimpi

Ngarep-ngarep
anjeun datang

Tiap detik ngan
tatanya

Dimana anjeun

Back **